DRAMA Kuningan : Ngamen, Gagal Bayar, Sekda Teu Puguh, Anggaran Jeblok.

KUNINGAN, DjalapaksiNews, – Ninggali gunung Ciremai ti kajauhan meuni gagah jeung endah pisan. Abah ngahuleng bari takjub ningali gunung ciremai aya rasa syukur dijero hate na.

Kuningan teh endah, subur sebutan na kota kuda daerah agraris jeung wisata, naha ayena ujug-ujug jadi daerah nu pang miskin na abah mah asa teu percaya, atau pemerintah na nusalah urus.

Bupati jeung wakil na ayena ceunah pusing anggaran belanja daerah minus, can bisa bayar utang alias gagal bayar. Jalan-jalan kabupaten loba nu ruksak, kesehatan loba masalah. “Hadeuh abah mah prihatin”.

Semangat ngamen ka pusat dilokonan ku bupati ngarah meunang bantuan keur ngabangun Kuningan, hasil na can katingali tapi pemerintahan dijeun kisruh wae, loba kasus antara SKPD katingalina jalan sorangan loba temuan nu teu wajar istilah na WDP, can deui ekonomi rakyat terjun bebas lain melesat malah jadi molorut jiga kolor rusak. “Naha jadi kieu, abah ngurut dada”.

Bupati lieur masalah Sekda teu angeus-anggeus. “Ceuk abah mah Bupati kudu wani ambil sikap, ieu teh calon Sekda prosedur na salah apa bener”. Uji materi bisa dilakonan ku bagian hukum, lamun nyata na aya prosedur nu salah atuh tinggal ajukeun ka PTUN ngarah jeulas teu molor terus jiga kolor morosot, “he he he abah seuri sorangan jiga jeulma stres”.

Ayena masyarakat nu cerdas geus pada muncul ngadukung langkah Bupati ngarah wani muguhkeun sikap rek ditarima atawa ditolak make cara nu santun nya eta jalur hukum. Atawa aya cara nu leuwih hade nyaeta musyawarah, kumpulkeun kabeh jeulma nu terlibat nu aya kepentingan pejabat na, legislatif na, partai politik jeung sajaba na. “Ngan ulah ajak abah bisi ngadabrul he..he..he.”

Ngamen jiga sandiwara bae, istilah ngamen teu pas kesan na meuni jiga jalma teu boga bae. Jiga dihaja ngarah Pemerintan pusat karunyaeun sugan, padahal mah kudu na teu kitu geus kuduna daerah datang soson-soson ka pusat neangan anggaran nu bisa diserap keur pembangunan di Kuningan.

Kuningan teu kondusif jiga sandiwara nu episode na panjang. Harapan abah mah hayu urang jaga kondusifitas Kuningan ngarah pamarentah jeung jajaran na bisa fokus ngabangun daerah. Nu alus teruskeun, nu gagal hadean, jeung nu korupsi ulah dianteupkeun, eta harapan masyarakat mah.

 

Oleh: Ir Yanyan Anugraha

Ketua Bidang Hukum Antar Lembaga

Perhimpunan Praktisi Hukum Indonesia (PPHI) Kuningan

 

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *